Lembur Kuring

 

Nuju sono ka lembur kuring yeuh nu aya di nagari urang tercinta Indonesia nyaeta Bandung kota kembang!!! Sakapeung, aya nu nyebut oge Paris Van Java nu hartos na kota Paris nu aya di Jawa nyaeta Bandung tea. Tiap dinten emut wae ka lembur emut sagalana, kanu heurin na, kanu sakapeung panaaaaass atawa tiis, padahal mah ceunah Bandung teh terkenal ku tiis na duka kunaon akhir2 ieu teh Bandung meni panas wae saurna mah pedah Globar Warming ceunah ah duka atuh nu pasti mah bade panas bade tiis cinta Bandung saya mah.Emut kanu angkot na anu pabalatak, tapi pan janten gampil mun bade angkat kamana2 teh teu siga didieu meni hese ngantosan bus, aturan aya sajam teh bukan hal yg aneh, kanu taxi tos jelas teu mirah matak kandaraan pribadi teh sesuatu nu lumrah didieu mah sareng mirah deuih, ku artos teu dugi 10 juta wae tos kenging mobil didieu mah, biasana mobil alit nu disebat mobil kancil. Ngan nyaeta didieu jadi heurin ku mubil pribadi, sabumi teh tiasa dugi ka tilu. Mubil disisi jalan sok saraosna wae parkir, sareng nu gaduh na teh meni siga nu teu aya aturan belok sakahayang aing. Parkir komo deui rieur ninggali na matak saya rada pede nyetir didieu mah ngan konci na anggeur kudu ati2. Maca blog batur hayang dihapus keun eta angkot ceunah, jelas saya teu satuju!! Ganti ku monorail haduuuhh mimpi kali ye tapi teu haram si rek ngimpi siga kitu ge, sah2 wae ngan nu rada real kitu ari gaduh kahoyong teh, urang ge pan terang mun aya proyek di indonesia mah khusus na Bandung, da aya nu sono tea..hehe, duka iraha beres na. Emut kanu proyek jalan layang pasupati? cobi emutan sabarah lami tah beres na, beres soteh pedah bade aya Konferensi Asia Afrika tea pan? nutupan proyek masjid Agung ku seng nu digambaran araneh ngadadak tea, kembang dimana2 da hoyong katinggal Bandung Kota Kembang, meni asa maksakeun nya, Bangsa ku!! Tos ah cekap nyarioskeun angkot na.

 

 

Sim kuring sono ka Pasar Baru na!!! Bodornya ninggal foto nu diluhur aya seratan DILARANG BERJUALAN DISINI, aturan eta pabalatak anu icalan sareng pembeli na hahaha sanes Indonesia mun teu kitu sigana. Pan aya nu nyarios aturan teh dibuat emang kanggo dilanggar ceunah heuheuhe. Sono mun pasedek2 menjelang lebaran. Emut ka pun bibi, anu tiasa unggal minggu di bulan ramadhan, menjelang lebaran teh teras2an balanja, da bade babagi tea, heuhuehe. Mirah deuih pangpang na mah. Orang Malaysia wae dugi ka nyewa bus diditu na ngahaja ngabring tidieu bade ka Pasar Baru. Basa ngantosa pun lanceuk uih ti Malaysia batur mah aya nu nembe dongkap ka bandara ngabring teras cacandakeun na meni saabreg2 da atos ngaborong tea ti Pasar Baru. Da emang awis tuda anggean didieu mah sareng model na kirang sae tos awis teh. Pan didieu orang melayu na seueur nu ngangge kurudung acuk na kurung wae, mereun hoyong rada katinggal gaya kitu matak shoping ka Bandung, da pan acuk paranjang teh nu marodel tos nambru di urang mah.

 

Janten emut ka Lembang, teu ketang emut ka cililin, lembur pun aki teras Subang lembur pun lanceuk tiasa unggal minggu tah angkat ka subang. Maca seratan nu ieu mah kedah sabari ngadangukeun kawih kacapi suling kenging Arum Bandung (nuhun ka teh dydy..:D) sabari ngadaweung ninggal kebon nteh. Tah sakitu guratan hate sim kuring, nu nuju sono ka Bandung tea. Hoyong enggal sasih Ramadhan, nu hartos na uih ka Indonesia teh sudah menjadi suatu keharusan!! hehehe..Mangga ah punten mun aya nu teu ngartos, mangga ngacung wae di tengah jalan, aeh ulah ketang ngacung we mun aya ibu guru, mangga taroskeun ka anjeun na, parinter guru di Indonesia mah, ngan hanjakal gaji na nganukur sahuap nya hehehe...Tah eta sok teu puguh ari carita teh marangga aahh....

Comments

Popular posts from this blog

Mudik...!!

What's the meaning of Jilbab